Wednesday 8 May 2013

NAON BAE NU BAKAL NULUNGAN URANG DI AKHERAT ENGKE


Contoh pidato ini saya buat dari sebuah  insfirasi saya karena mengingat banyak sekali orang yang sudah lupa bahasa daerahnya masing-masing. dan mungkin isi dalam contoh pidato ini sudah tidak asing lagi di teling kita (bagi yang memahami bahasa ini) karna ini sering di sampaikan oleh para da'i-da'i danmungkin  para rekan-rekan sekalian dalam menyampaikan sebuah kultum atau mungkin wejangan kepada ade-ade kelasnya. maka dalam hal ini saya hanya memprioritaskan kepada bahasanya. dan ini juga sebagai acuan saya dalan mengingat kembali bahasa sunda ini, karna jujur saya juga tidak menguasai bahas ini meskipun saya adalah orang sunda sendiri. dan saya juga tidak memperhatikan kaidah-kaidah tentang penulisan arab kalau di tuliss dalam bahasa indonesia, karna seperti yang telah saya katakan tadi.

Asalamualaikum warah matullahi wabarakatuh,
alhamdulilahi rabil alamin wa bihi nastainu ala umuriddunya waddin wa ala alihi wa ashabia ajmain amma ba'du.
sagala puji hayu urang sanggakeun ka gusti nu maha suci, dzat nu ngatur sagala eusi dunya sareng panduduk nu aya di lebetna, nyaeta Allah swt.


sakumaha ku  hidayah sareng inayahna urang sadaya masih di pasihan  nikmat kasehatan, nikmat islam sareng oge nikman iman sahingga urang sadaya tiasa kempel ngariung dina raraga pangaosan rutin mingguan ieu. (tergantung acara yang di selenggarakan)  

teu hilap solawat sareng salam urang curahkeun ka baginda anu mulya, anu tos masihan teurang ka urang sadaya kana jalan-jalan nu di ridhoan ku gusti Allah swt nyaeta nabi Muhammad saw. kusabab anjenana dugi ayeuna pisan urang sadaya tiasa ngaraosan nikmat iman sareng islam. sareng mugi-mgi urang sadayana ka  lebet umatna anu di pikaresep ku Allah swt kusabab urang sok salalu ngajaga kaislaman sareng kaimanan urang sadaya amiiin...

teu hilap oge nu di pikahormat ku simkuring bapa.....(bisa di isi sesuai dengan yang di inginkan)
teu hilap oge nu di pikahormat ku simkuring bapa.....(bisa di isi sesuai dengan yang di inginkan)
teu hilap oge nu di pikahormat ku simkuring bapa.....(bisa di isi sesuai dengan yang di inginkan)
sareng hadirin nu insya Allah di muliakeun ku Allah swt.

dina kasempatan ayeuna simkuring bade sakedik ngabeberkeun yen naon-naon wae nu bakal ku urang  di bantun ka lebet kubur engke sareng naon-naon wae nu bakal nulungan urang engke di lebet kubur??

para bapa, ibu sareng hadirin nu di pikahormat ku simkuring!!!....
                                                                                                   قَالَ : قَالَ رسول الله - صلى الله عليه وسلم - : (( إِذَا مَاتَ ابْنُ آدَمَ انْقَطَعَ عَمَلُهُ إِلاَّ مِنْ ثَلاثٍ : صَدَقَةٍ جَارِيَةٍ ، أَوْ عِلْمٍ يُنْتَفَعُ بِهِ ، أَوْ وَلَدٍ صَالِحٍ يَدْعُو لَهُ )) . رواه مسلم .
                  anu bakal nulungan urang ke di lebet kubur teh nyaeta sakumaha nu di jelaskeun dina hadis nabi nu intina nyaeta aya tilu. nu PERTAMA nyaeta sodakoh jariyah. sakumaha nu ku urang sadaya terang, yen jaman ayeuna se'er jalmi anu mampu atanapi kaya nanging maranehanana pada hilap kana sodakoh, padahal kakayaan nu di gaduhan ku eta jalmi teu lain nang di pasihan ti gusti Allah. ku kituna salaku umat nu beriman hayu urang sami-sami bersyukur kana nikmat Allah anu tos di pasihkeun ka urang sadaya, teras ku naon carana urang bersyukur??? tantuna urang bersyukur ku cara masihan sodakoh ka fakir miskin, ka anak-anak yatim sareng sajabana nu kira-kira ngabutuhkeun kana eta harta. da sakumaha urang terang oge yen saleresna harta nu urang gaduh nyaeta ti Allah sareng dina harta urang eta aya harta nu jalmi lain nu kudu ku urang pasihan ka eta jalmi.

salajeungna nu KADUA nyaeta elmu nu manfaat, elmu nu manfaat nyaeta elmu nu ku urang di amalkeun di waktu urang hirup lajeng urang amlkeun eta elmu ku magahan batur. artina sa ba'da urang ngamalkeun elmu nu urang gaduh di lanjutkeun kana urang ngajaran atanapi mamatahan anak-anak urang, saderek-saderek urang, tatangga-tatangga urang sareng sadaya umat muslim nu aya di caketteun urang. Naah!!! upami urang tos ngamalkeun sapertos kitu insya Allah elmu nu ku urang ajarkeun ka nu tdi tos di sebatkeun janten amalan urang nu moal pegat-pegat dugi ka urang maot sakalipun. kumaha gening tiasa kitu?? ku sabab elmu nu ku urang ajarkeun di amalkeun dei ku murid-murid urang, sahingga pahalana bakal ngalir ka diri urang oge.

salajengna nu terakhir atanapi nu KATILU  nyaeta anak nu soleh nu sok ngadungakeun ka ibu ramana atanapi ka kolotna. kumargi kitu lamun urang palai pahala nu moal se'ep-se'ep dugi urang maot sakalipun, hayu urang sami-sami didik putra-putri urang ku ajaran-ajara agama islam, ngaos, sakola sareng sajabana supados tiasa jadi anak anu soleh atanapi solehah. kusabab anak nu soleh bakal tiasa nulungan ibu ramana di akherat engke, nulungan ku naon??? anak nu soleh nulungan ibu ramana ku do'a-do'a nu di panjatkeun ka dzat nu maha agung supados ibu ramana tiasa di tarima di sisi Allah swt.

kumargi sakitu nu tiasa di paparkeun ku simkuring pamugi-mugi ku ayana ieu pangosan urang tiasa lewih giat kana ibadah, sodakoh, milarian elmu sareng mugi-mugi urang sadaya tiasa ngjanteunkeun putra putri urang janten putra anu soleh sareng putri nu solehah amiiin!!!! salajengna kuring nuhun di hapunten bilih dina cariosan sareng dina panyampayan pidato simkuring se'er kalepatan, da atanapi aya kalepatan etamah dongkapna ti simkuring nyalira sareng atanapi aya leresna berarti eta ti gusti Allah swt, haturnuhun tina sagala perhatosanana akhir kalam

Wasalamualaikum warah matullahi wa barakatuh.

NB: Silahkan bagi yang melihat catatan ini mungkin ada hal-hal yamg kurang pas dalam hal materi atau bahasanya yang kurang pas sumangga di leureuskeun da kuring ge sadar masih se'er kakurangan.

...
Powered by Blogger.